Kamis, 09 Agustus 2018

Ngabédakeun É, E, jeung EU

Aya kalana urang sok lepat dina panulisan/nyeratna, di handap ieu aya sababaraha kecap anu "deukeut" cara nulisna, namung bénten dina nyaritana.
Angen : Ulu hati
Angeun : Sayur
Apél : Upacara, nganjang ka kabogoh
Apel : Ngaran bubuahan
Bébék : Itik (B.Ind)
Bebek : Ditutu
Bébér/mébér : Ngamparkeun; muka jangjang
Beubeur : Sabuk   (B.Ind)
Bélok (B.Ind) : Méngkol
Belok : Jeblog
Benang : Paragi ngaput kaén/baju
Beunang : Katéwak
Bener : Betul, enya
Beuneur : Ngeusi
Bénten : Béda
Bentén : Numutkeun kamus mah, sabuk emas atanapi pérak anu ditumbu-tumbu
Beureum : Ngaran kelir/warna
Berem : Ditutupan panon
Ceceb : Ngasupkeun kana taneuh
Ceuceub : Jero, biasana dilarapkeun kana ningali
Éndang : Ngaran wanoja
Endang : Ngaran lalaki
Énéng : Anak munding
Enéng : Sebutan/landian keur budak awéwé
Engang : Anggang/jarak atawa antara/Suku kata (bd.Ind)
Éngang : Sato anu sok nyeureud
Énténg : Hampang
Eunteung : Kaca Cermin
Gégér : Geunjleung
Geger (B.Ind) : Geunjelung
Gélang : Diputer maké dua dampal leungeun
Gelang : Hiasan anu dipasang tina leungeun
Hideng : Calakan, teu kudu ditutah titah deui
Hideung : Ngaran kelir/warna
Jéjér : Ngabaris ka sisi
Jejer : Carita
Jeujeur : Parabot keur nguseup (gagang)
Jeng : Sebutan keur awéwé (B.Jawa / B.Ind)
Jeung : Dan (B.Ind)
Karéés : Sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik
Kareueus : Anu dipikaresep
Kecap : Kata
Kécap : Saos kelir hideung
Kékép : Nutup rapet
Keukeup : Peluk (B.Ind)
Kérak : Ngaran manuk
Kerak : Bagéan sangu (liwet) anu tutung
Kérok : Masalah
Kerok : Digosok maké duit atawa banda anu seukeut keur ngaluarkeun dagingna
Lebet : Asup
Leubeut : Tangkal anu keur loba buahna
Lélés : Kacamatan di Kabupatén Garut, nami tangkal kai
Leleson : Istirahat
Leuleus : Capé/Lungsé
Lépét : Ipis, ilaharna dilarapkeun kana lokét atawa kulit
Leupeut : Katuangan tina béas anu dibungkus ku daun cau
Létak : nyabak ku létah
Leutak : Taneuh baseuh anu luba caina; lumpur (B.Ind)
Méléték : Cahya panon poé anu kakara kaluar
Meleték : Rengat alatan panas
Meletek : Haseup hideung kacida, alatan dudurukan atawa knalpot
Mérang : Matak ateul kana kulit
Merang : Suung/jamur nu tumuwuh tina jarami baseuh
Mérécét : Cai kentel anu kaluar tina liang leutik
Merecet : Sereg
Netep : Cicing, angger
Neuteup : Mencrong, anteb ningal
Ngélépék : Mikat japati
Ngelepek : Kapiuhan/pingsan
Nyéngsréng : Sora sééng anu keur sahéng
Nyengsreng : Pikabitaeun, matak ngaruy
Pécak : Tatu tina panon, ukur bisa ningali sabeulah
Pecak : Nyoba, ngajaran
Péndét : Ngaran tarian ti Bali
Pendet : Nutupan liang anu leutik, ilaharna dilarapkeun kana liang cai
Peundeut : Nutupan liang anu gedé, ilaharna dilarapkeunkana nutup panto
Pengker : Tempana di tukang
Peungkeur : Ngeusi, ilaharna dilarapkeun kana awak
Peres : Diala sarina
Peureus : Nyeri alatan di/kaceprét
Rébo : Riweuh ku babawaan; Ridu
Rebo : Ngaran poé saenggeus salasa
Resep : Suka
Resép : Rumus kanggé ngolah tuangeun
Rétém : Loba  anu napelna (anu teu hirup/barang)
Reuteum : Loban anu  cicing/eunteup dina hiji perkara/tempat (anu hirup)
Sédéng : Gélo
Sedeng : Cukup, lumayan
Séér : Gerbong karéta api
Seer : Kecap paneges kanggé nyérédét
Seueur : Langkung ti hiji
Sérah : Paré / kulit béas
Serah : Mikeun
Sérang : Sawah
Serang : Maju keur nyerbu
Séréd : Nyingkahkeun ka sisi
Seureud : Pakarangna sato Éngang
Séréh : Ngaran bungbu dapur keur nyeungitan, rupana kawas jukut
Seureuh : Daun anu sok dipake ubar, jeung sok dipaké keur nyeupah
Téngék : Sorana siga bébék; Kéong leutik
Tenggek : Beuheung
Tetep : Cicing, angger
Teuteup : Mencrong, anteb ningal
Téras : Tepas, hareup imah, keusik
Teras : Langsung, terus, tuluy
Téréh : Sakedap deui, gancang
Teureuh : Turunan



*é* dipaké dina kecap : jéntré, réngsé, bérés, hésé, béléké, kékéséd, téréh, kénéh, éléh, érép, héés,  kéré, kéhéd, céréwéd, katél, sadérék, cépot, cécénét, béké, nyéré, kérék, kénging, méméh jsb.
*e* dipaké dina kalimah : kerep, lemes, sesah, betah, merenah, leres, lepat, kedah, cekel, cepeng, ngerebek, belegug, bener, ngeres, teras, pengker, resep, langgeng,  jsb.
*eu* dipaké dina kalimah : beuteung, seubeuh, keuheul, ngeureuyeuh, nikreuh, peuyeum, pareum, baeud, ngeunah, jeujeur, useup, baeud, seuri, meureun, anjeun, haseum, beuneur jsb.

Tah kadé bener jeung beuneur béda hartos

Tidak ada komentar:

Posting Komentar