Istilah Ngasakan jeung Nyangu
A. Istilah Ngasakan
Istilah nu patali jeung ngasakan kadaharan, di antarana :
-Mais : ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy dibubuykeun kana lebu panas atawa diseupan,
contona : pais lauk, pais hayam, jsb.
-Manggang : meuleum anu dipanggang,
contona : saté, maranggi jsb.
-Meuleum : ngasakan kadaharan ku jalan diantelkeun atawa dideukeutkeun kana seuneu,
contona : ketan, jsb.
-Mubuy : ngasupkeun (hui, sampeu, jsb.) kana lebu panas.
-Ngabakar : ngasakan kadaharan dibeuleum dina parantina (open jsb.),
contona : ngabakar kuéh, jsb.
-Ngabolostron : ngasakan kadaharan ku cara dikusrukkeun kana seuneu gedé, teu diolah heula.
-Ngagoréng : ngasakan kadaharan ku minyak kalapa, minyak susuk, mantéga, jsb. anu panas, biasana dina katél,
contona : goréng tahu, goréng pisang, jsb.
-Ngulub : ngasakan kadaharan maké cai sina ngagolak,
contona : kulub suuk, kulub hui, jsb.
-Nyangray : ngasakan kadaharan dina katél atawa talawéngkar teu maké minyak,
contona : sangray suuk, sangray sangu, jsb.
-Nyeupan : ngasakan kadaharan ku saab cai ngagolak,
contona : seupan daun sampeu, seupan daun gedang, jsb.
B. Istilah Nu Patali Jeung Nyangu
Nyangu nyaéta ngasakan béas atawa nyieun sangu. Istilahna dimimitian ti molah béas nu rék disanguna, di antarana :
-Napi : meresihan béas maké nyiru ku gerakan-gerakan husus supaya kapiceun kokotorna (bubuk huut, keusik, gabah) atawa kapi- ceun beunyeurna.
-Ngisikan : ngumbah béas nu rék di sangu, biasana dina boboko, cai urut ngisikanana disebut cibéas.
-Ngagigihan : nyeupan béas nepi ka satengah asak. Gigih nyaéta sa- ngu satengah asak.
-Ngarih : ngaduk-ngaduk gigih bari dicaian ku cai ngagolak, supaya beukah, maké pangarih.
-Nyeupankeun : ngasupkeun kana aseupan, jsb. nepi ka asak.
-Timus : sangu geus asak, cirina geus nyerebung saabna.
-Ngakeul : ngurah-ngaréh sangu nu kakara dijait bari diteueul jeung dihihidan, ambéh pulen, biasana dina dulang atawa boboko.
-Ngaliwet : ngasakan béas (nyangu) dina kastrol atawa panci henteu diseupankeun.
-Ngahaneutkeun sangu : nyeupan sangu nu geus tiis.
-Nimbel, ngalulun sangu nu haneut kénéh ku daun cau, supaya lila pulenna.
-Nutup : nyieun sangu nu diakeulna dicampuran kadaharan séjén (oncom, jsté.) katut sambara supaya leuwih ngeunah atawa pi- keun sasarap.
-Ngagoréng sangu : ngasakan sangu ku cara digoréng maké sambara supaya leuwih ngeunah atawa pikeun sasarap.
-Nyangray sangu : ngagoréng sangu teu maké minyak, supaya haneut.
-Sangu anyar : sangu anu kakara nyait tina aseupan, jsb.
-Sangu béar : sangu anu kurang atawa geus euweuh daya léngkétna.
-Sangu beueuy : sangu nu rada beyé.
-Sangu heuras : sangu nu kurang cai dina ngagigihanana.
-Sangu kabuli : sangu liwet maké samin, daging domba, jsté. (kada- haran modél Arab).
-Sangu konéng : sangu nu rupana konéng, lantaran diasakanana di- campur konéng, boh diseupan boh digoréng.
-Sangu poé : sangu sésa kamari.
-Sangu pulen, sangu ngeunah, henteu béar jeung henteu beyé.
-Congcot : sangu nu teu diakeul, ditamplokkeun tina seupan, jadi nyungcung persis saperti aseupan.
-Buceng : puncak congcot.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar